Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

Redbastard

New member
Balukang = palapah daun kalapa/ kawung

Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna

Bogol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)

Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar

Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)

Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)

Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing

Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemes tepi ka taneuh)

Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)

Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing

Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak

Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung

Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis

Tunggul = bagian tangkal sesa nuar
Pentil:

Pentil buah = pakel

Pentil jagong = semi

Pentil kalapa = caruluk

Pentil nangka = tongtolang
Sipat Buah Ngora:

Buah (pakel) =meujeuhna rumangu

Cau = meujeuhna rumegang

Gedang = meujeuhna gumading

Hiris (keceprek)

Jengkol = meujeuhna lumiat

Hui = meujeuhna sumagol

Kalapa (cengkir)

Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho

Nangka (ketewel)

Tangkil = meujeuhna dumewegan
Ngaran buah:

Buah asem = kamal

Buah jambe = jebug

Buah kawung = caruluk

Buah kiray = langgoko

Buah teureup = benda
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

hmm makasih partisipasinya, cuman bisa diperjelas nggak ni penggunaannya gimana, di mana dan kapan...maklum, bagi yang sebelumnya nggak tahu kan jadi tetep nggak ngerti....
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

umm.. itu semua istilah dalam pepohonan atau daun2an, nta..

misalnya kalo dalam bahasa Indonesia..

Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)

kalakay = sebutan untuk daun kering atau daun yang dah jatuh ke tanah...
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

wekeke jadi malu nih...iya monggo kalao mau kasih aku..
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

aku kasih bintang kalau bisa diterjemahin ke bahasa indonesia..ok
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

ayo deh...aku liat bahasa sundanya benernya simple loh,,wakak sok tahu yak aku...hmm jadi biar pembacanya tahu beneran...
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

aih aih, soal di dieu teh dipake mojok ku rajakadal jeung mbak Rhesi.
Hihihihihi, tos lah abdi mah hoyong ningali wae. teu nanaon nya?


Cau = meujeuhna rumegang
Cau lainna pisang?
 
Bls: Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

urangnya teh kabur kali non...

sok atuh neng gia nambahkeun :p
 
Back
Top