|
![]() |
![]() |
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Magatru
Pupuh 10: Magatru Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung Rajamandala, Cimahi Leles, Limbangan, Tarogong Panambih: Sukuna pakepit tilu Panonna opat harerang Leumpangna semu nu lesu Ngalengkah teu bisa gancang ————————- Laras: Madenda Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung
|
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Maskumambang
Pupuh : Maskumambang (bertemakan kesedihan yang mendalam) Duh manusa mana kaniaya teuing teu aya rasrasan abong ka mahluk nu laip nyiksa henteu jeung aturan Hulu abdi karaosna langkung nyeri tulang asa bejad tanduk mah pon kitu deui taya raoskeuneunnana Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri pedah kabisan tapi yaktosna mah abdi ngan bakating kumawula Oge margi anjeun rupina ka abdi miwarang jeung maksa buktina disina jurit kalawan jeung dihatean Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi moal bisa panjang abdi ningal bumi langit rek mulang ka kalanggengan
|
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Mijil
Pupuh 12: Mijil (bertemakan kesedihan yang menimbulkan harapan) Mesat ngapung putra Sang Arimbi Jeung mega geus awor Beuki lila beuki luhur bae Larak-lirik ninggali ka bumi Milari sang rai Pangeran Bimanyu Panambih: Aduh Gusti nu Kawasa Jisim abdi ageung dosa Pangna abdi gering nangtung Reh ka sepuh wantun nundung ———————- Laras: Pelog Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung
|
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Pangkur
Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan. ———- Pupuh 13: Pangkur Seja nyaba ngalalana ( 8 – a ) ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i ) henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u ) balik paman sadaya ( 7 – a ) nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u ) Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a ) “Aing ngaran Jayapati”( 8 – i ) Panambih: Euleuh itu budak gembul Awak gembru bayuhyuh gawena kedul Ukur heuay jeung nundutan Ka sakola unggal poe kabeurangan He barudak tong nurutan Ka nu gembul kokomoan Bisi kedul jeung ogoan Awal akhir katempuhan ————————- Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung
|
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan. ——— Pupuh 14: Pucung Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u ) jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a ) tanda yen bagjana gede ( 8 – e ) hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a ) Lutung buntung luncat kana tunggul gintung Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek Bajing kuning jaralang belang buntutna Panambih: Hayu batur urang diajar sing suhud Ulah lalawora bisi engke henteu naek Batur seuri urang sumegruk nalangsa ———————— Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
|
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Sinom
Watekna gumbira. Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan. Contona : Di wetan fajar balebat ( 8 – a ) panon poe arek bijil ( 8 – i ) sinarna ruhay burahay ( 8 – a ) kingkilaban beureum kuning ( 8 – i ) campur wungu saeutik ( 7 – i ) kaselapan semu biru ( 8 – u ) tanda Batara Surya ( 7 – a ) bade lumungsur ka bumi ( 8 – a ) murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a ) Pupuh 15: Sinom Warna-warna lauk empang Aya nu sami jeung pingping Pagulung patumpang-tumpang Ratna Rengganis ninggali Warnaning lauk cai Lalawak pating suruwuk Sepat pating karocepat Julung-julung ngajalingjing Sisi balong balingbing, sisi balungbang Panambih: Harta pada nareangan Harti pada narabahan Harta harti sarwa guna Pada bisa mere bukti Bisa hasil sapaneja Sok nyumponan cita-cita Harta harti song mangpaat Dapon diraksa taliti ———————- Laras: Madenda Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung
|
|
Bls: 17 Pupuh sunda
Wirangrong
Wirangrong (bertemakan rasa malu akan tingkah laku sendiri) Barudak mangka ngalarti Ulah rek kadalon-dalon Enggon-enggon nungtut elmu Mangka getol mangka tigin Pibekeleun sarerea Modal bakti ka nagara Panambih: He barudak mangka ngarti Ulah rek kadalon-dalon Nungtut elmu jeung pangarti Masing rajin soson-soson Pibekeleun hirup tandang Modal bakti ka nagara Lemah cai anu urang Perlu dijaga dibela —————————— Laras: Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung
|
| Thread Tools | Search this Thread |
|
|
| Similar Threads | ||||
| Thread | Original Poster | Forum | Replies | |
| Kamus Bahasa Sunda-Indo & Indo-Sunda | KalinaMaryadi | Belajar Bahasa Lain | 23 | |
| sunda lounge | littlebyte | Belajar Bahasa Lain | 1 | |
| sunda | Gia_Viana | Belajar Bahasa Lain | 21 | |
| Cerita Sunda | chika2 | Belajar Bahasa Lain | 6 | |
| Jawa Dan Sunda | alfalink | Humor | 0 | |
Pengumuman Penting |
- Fitur SMS Bintang & Solve answer akan ditiadakan, Fitur Reputasi dikembangkan |