Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

her_is_mine

New member
Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran
keur pasea jeung pamajikanana.

Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati. Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring….”
Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku
sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani
pasea jeung aing!
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.

Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."

Orang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"

Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh ngimpen deui."

Orang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"

Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen ee"

Orang Sunda : "Kumaha tah?"

Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha...."
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Hahaha
Eh humor sunda loba d situs naon nya...poho ekeu!!! :D
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.

Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.

Jang Dodo : " Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta disodorkeun taraje kahandap.

Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE.... yeeee
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.

Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;

Lolong : "Sora aya anu mandi nya ?", pokna anu lolong.
Gempor: "Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?"
Lolong : "Nya pasti awewe lah !"
Gempor: "Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe, memang tandana naon ?"
Lolong : "Ah siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh ngaganjel dina tonggong aing!".
Gempor: "Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?"
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa
dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.

CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak : "Sieun nyepak atuh."
Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Udin : "Jang, nyamuk naon nu gendut, beuki dahar, jeung sare wae?"
Ujang : "Ah maneh mah aya aya wae."
Udin : "Eeh seurieus!"
Ujang : "Nyamuk Aides Egepti nya?"
Udin : " Lain...!".
Ujang : "Takluk ah!".
Udin :"Nya Muksin atuh..!" ( Sabari Lumpat )
Ujang :"Anyir ta mah ngaran babeh uing, awas siah!". (Sabari Ngudag)
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Ahong : “Di kamar urg mah mni loba reungit, sakitu geus disemprot jeung di puput ku obat anti reungit angger weh loba.”
Atek : “Cik gera simpenan keusik walungan di kamarna.”
Ahong : “Ih gning gampil, naha bner moal aya reungit?”
Atek : “Piraku urg bohong”
Ahong : “Kdah sakumaha keusikna??”
Atek : “Sapinuhna kamar!”
Ahong : Kuma ilaing we ah (bari ngaleos)
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Acay : sbarahaan jeruk na mang?
Tukang Jeruk : sakilo 15rb, bade sbaraha kilo?
Acay : nu bener mang? amis teu, mun haseum kumaha?
Tukang jeruk : amis, lamun haseum mah gratis we lah
Acay : nya sok lah nu haseum na weh 2 kilo
Tukang jeruk : ~!@#$%^&
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Hiji mangsa si Oni hoyong kursus komputer.
Oni : “Teh, pami daftar keurseus sbaraha nya?”
Teteh: “Daftarna bayar 50rb di sasih ka hiji, kanggo sasih ka-2 sareng saterusna bayar 20rb tiap bulan”
Oni : “Okelah pami kitu mah abdi daftar na di bulan ka-2”
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Warga: Jang ari sensus teh kanggo pemilu? Asa cik keneh didata....
Patugas: Sanes pa .....
Warga: Kanggo BLT?
Patugas: Sanessss ..............
Warga : Ari geus keur naon atuhhh???? (rada nyereng ...tur nyentak)
Patugas : (ngajawab bari reuwas) Kanggo ngagentos lagu Rhoma Irama..... Lagu nu kapungkur " 135 juta penduduk Indonesia....." tos kadaluwarsa. Janten hasil sensus teh diantos pisan ku Kang Haji Rhoma Irama.
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Poe jumaah jalma geus kumpul di masjid. Jarum jam nincak kana angka 12. Hawar-hawar sora adan ti lembur peuntas. Sedengken di masjid ieu can aya nu adan. Ketua DKM luak-lieuk neangan muadzin. Jigana teu datang aya halangan. Jamaah silih toel maksudna nitah adan ka babaturannana. Mugen papada embung. Adzan di lembur pentas ampir beres, di dieu can aya nu adzan.

Jung nangtung si Johan preman kampung, gidig leumpang bari dodongkoan ka hareupeun mimbar, kerewek mik speker dicekel.

Kabeh jamaah kaget campur reuwas oge hariwang si Johan teu bener beh ditu ngaco adzanna. Teu aya nu wani ngahulag, preman kampung tea atuh.

Celengkeung si Johan adzan. Teu sangka alus kacida sorana, tajwid makhrojna eces pisan. Jamaah olohok. "Alus euy sora si Johan teh....teu nyangka uing mah.." ceuk salah saurang jamaah.

Jigana eta pujian teh kadenge ku si Johan, nu keur adzan tea. Atuh si Johan "ngarespon" kana eta pujian bari tetep mix speker mah dicekel keneh.."Aing teaaa.... anjing ...adzan mah bisa ti leuleutik...!"
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

Pasen Panas Dokter Panas

Salembur kaserang DB alias demam berdarah (muriang ngageutih). Kacaritakeun Neng Geulis geus dua poe ngarasa awakna panas, buru-buru indit ka dokter.
Dokter : "Teu damang naon?"
Neng : "Panasss, Dok..."
Dokter : " Cobi urang parios" bari nitah Neng ngagoler na tempat pamariosan. Dokter ngasupkeun thermometer na handapeun letah Neng pasen. Teu lila termometer dicabut terus diilikan.."Normal Neng pami panasna sakieu mah.."
Neng : " Tapi abdi naha ngaraos panas....nya Dok...."
Dokter : " Cobi urang parios dina kelek.."
Biasa ari termometer mah diasupkeunna teh di nu nyempil
Neng : " Muhun mangggaa..."
Dokter : " Sami Neng ... hasilna teh nunjukkeun panas Neng normal..."
Neng :" Aduh.... kumaha nya dok .... keukeuh abdi mah ngaraos paranas...! Cobi atuh dok pariosna na bujur...." ceuk si Neng mere saran.
Dokter ngagebeg rewas .... kudu nempelkeun termometer na bujur. Asa kakara ngetes panas na bujur mah.
Dokter : "Muhun mangga.... pami kahoyong Neng kitu mah..!"
Sanggeus si Neng pasen nangkubkeun awakna.... teu lila ti harita ..ari gorowok teh...." Dokter.....lepat.... Dokter lepat etamah sanes bujur...!"
Dokter : " Tenang ...... Neng ,,,,, da ieu oge sanes termometer...!"
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

TUKANG DAGANG PEUYEUM

Ieu carita ngebrehkeun tukang peuyeum anu teu bisa jeung teu ngarti Bahasa Indonesia.Dina hiji mangsa si tukang peuyeum dagang di Jakarta.
Tukang peuyeum: "Peuyeum.....peuyeummmm....!"
Kitu jeung kitu ngagorowokna teh sapaparat gang. terus aya nu ngageroan, eta nu ngageroan teh teu apaleun yen tukang peuyeum teh teu bisa Bahasa Indonesia.
Urang Jakarta: "Bang.... sini Bang!"
Si tukang peuyeum nyampeurkeun, lain ngarti kana panggeurona tapi bakating ku panasaran eta urang kota teh ngomong naon.
Orang kota: "Beli tapenya bang satu kilo."
Tukang peuyeum:"Punten a... ieu mah sanes tempe tapi peuyeum."
teu di sangka eta orang kota bisa Basa Sunda.
orang kota: "muhun pan tape teh Bahasa Indonesiana tina peuyeum."
Tukang peuyeum: "Ah..Sanes a peuyeum peuyeum tempe tempe da bahanna ge beda. Tempe mah tina kacang peuyeum mah tina sampeu"
orang kota: "Dasar gila..!"
Tukang peuyeum: "Teu gila da peuyeumna ge ditutupan."
orang kota: "Lain gila tapi gelo dasar oon...!"
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

PALILA-LILA TEULEUM

Si Otong datang ka indungna bari haruhah-harehoh, awakna rancucut.
“Geus ti mana maneh, Otong? Eta awak mani rancucut kitu?” ceuk indungna reuwaseun.
“Tos ti balong, Ema! Palila-lila teuleum jeung si Otong!”
“Ari Si Otongna di mana ayeuna?”
“Aya keneh di balong…tapi tos ngambang!” tembal Si Otong teu kireum-kireum.
“Kumahaaa??!” indungna langsung ngalenggerek kapiuhan.
 
Bls: Bobodoran Sunda (Humor Bahasa Sunda)

NGAJUAL SAPI

Mang Koswara rek ngajual sapi. Tapi unggal sapi rek ditaekkeun kana treuk, eta sapi teh ngadat bae embungeun naek. Geus satengah jam Mang Koswara ugal-ugil bari luut-leet kesang, tapi si sapi teh angger merod. Ambek nyedek tanaga midek, Mang Koswara nyentak, “Dasar sapi goblog! Ari maneh hayang naon sih?” ceuk Mang Koswara bari ngadegungkeun hulu sapi.
Na ari pok teh si sapi nembalan, “Mmmoohhh..!! hayang di hareup! Di tukang mah tiris!!”
Mang Koswara ngabecir!
 
Back
Top