Daftar Kecap Undak Usuk Bahasa Sunda (ragam Hormat jeung Ragam Loma)

her_is_mine

New member
Loma = Hormat ka sorangan = Hormat keur ka batur

A

abus, asup = Lebet = lebet
acan, tacan, encan = teu acan = teu acan
Adi =Adi =rai, rayi
Adu =Adu = aben
Ais= Ais= emban
ajang, keur, = pikeun = Kanggo haturan
ajar = Ajar = wulang, wuruk
aji, ngaji = Ngaji = ngaos
akang = Akang = engkang
aki = pun aki = tuang éyang
aku, = ngaku aku, ngaku = angken, ngangken
ali = Ali = cingcin, lelepen
alo = pun alo = kapiputra
alus = saé = saé
ambéh, supaya, sangkan = supados = supados
ambek = ambek = bendu, wera
ambeu, ngambeu = ngambeu= ngambung
amit, amitan= permios = permios
anak = pun anak = putra, tuang putra
anggel = bantal = bantal, kajang mastaka
anggeus, enggeus = réngsé = parantos
angir, diangir = dikuramas = dikujamas
anjang, nganjang = ngadeuheus= natamu
angkir, diangkir = diondang, disaur = diulem, disaur
antara = antara = antawis
anteur, nganteur = jajap, ngajajapkeun = nyarengan
anti, nganti, dago, ngadagoan = ngantosan= ngantosan
arang, langka = awis-awis = awis-awis
arék = badé, seja = badé, seja
arep, ngarep-ngarep = ngajeng-ngajeng = ngajeng-ngajeng
ari = dupi = dupi
asa, rarasaan = raraosan = raraosan
asal = kawit = kawit
aso, ngaso = ngaso = leleson
astana = pasaréan = pajaratan
atawa = atanapi = atanapi
ati-ati, kadé = ati-ati = atos-atos
atoh, bungah = bingah = bingah
awak = awak = salira
awéwé = awéwé = istri
 
kecap dalam bahasa sunda itu maksudnya gimana sih neng? kang? enteu ngerti abdi mah..

tolong di reply pake bahasa indonesia aja ya :D biar temen yang gakk ngerti kaya megha bisa paham..
 
Back
Top